22 Maret 2011

IUH.....

Masih nyaritakeun urang Jawa nu ngumbara di tatar Sunda. Hiji waktu budakna nu bungsu gering panas, nya ku manehna teh dibawa ka dokter. Ku tatanggana ditanya, “Ku naon Mas budak teh?”
“Nyeta, panas. Rek dibawa ka dokter.”
Kacaturkeun pasosore tatangga nu tadi nanya panggih deui, “Kumaha Mas budak teh cageur?”
“Alhamdulilah, tadi mah panas kacida, ayeuna mah geus iuh.”